“GENERASI KORUPSI”




“GENERASI KORUPSI”

Mun ieu lemah jaga katarajang caah
Mo’hariwang najan cai muludag umpalan
Tinggal unggah kevilla si cakar mega
Gedong agung warisan ti nini moyang
Nanjer luhur pigantieun Borobudur

Di ponclot gedong ucang-ucang ngahaleuang
Nembangkeun lagu perang: hallo-hallo bandung
Ret kahandap nyeueung mayit nu paralid
Resep mulangkeun panineungan ka jaman budak
Sok pogot nenjo riabna runtah di musim ngijih

Mun geus bosen jeung cape hahaleuangan
Lalaunan turun ka tahap sawidak
Senang-senang ngaleng iprit orat pingping
Musik ngagembrung nyilep jeritna nu taratu
Jeung koceak umat nu keur sakarat di handap

Mun enya aya nu leuwih kawasa batan harta
Rek ngadu’a: ya maha kawasa! Geura tamplokkeun!
Seueurkeun dunya-barana nabi sulaeman
Ka kolot kula nu keur tandang ngedut harta
Sangkan ngagolontor warisan
Tug ka tujuh puluh turunan!

Share on Google Plus

About imam sahal

This is a short description in the author block about the author. You edit it by entering text in the "Biographical Info" field in the user admin panel.
    Blogger Comment
    Facebook Comment

0 komentar :

Posting Komentar